Selamat datang di blog Asep

Wilujeng Maca

Minggu, 13 Maret 2011

Lamunan

Geuning hirup teh durang duraring
aya bungah aya sedih
kasusah teu reureuh-reureuh
komo cumpon tina kahayang
mangsa bungah
kokomoan lir manggih mulud

Geuning hirup teh heuheuy jeung deudeuh
kahayang manggunung-gunung
kabingung teu manggih tungtung
sumpek heureut na pipikiran
nalangsa hate nu nyaah
harepan bati lamunan

Geuning hirup teh nunang nunaning
lalaguan jadi panyombo
hariring ukur panggeuing
kapeurih teu euih-euih
mun seug beak kasabaran umur tandon pangharepan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar