haliwungna ati anu ngageuri
Kembang tresna ngawagu wayahna
Rumasa raga teu walakaya
Geuning enya diri ngarsa
Lieuk euweuh raga teu aya
Ukur keclak ibun katresna
Ngalembereh maseuhan satia
naha enya teu aya harga??
Talaga wening nyangkrung na soca
bedah ngarudah ngaremkeun rasa
Asih, tresna, satia nu taya harga
Naha aya ngagenclang rasa??
Pustaka Sunda
Tidak ada komentar:
Posting Komentar